Kamis, 30 Juni 2011

Aruji Kartawinata

Saenyana Aruji Kartawinata teh lain ngan saukur inohong Garut, tapi ges jadi inohong nasional. Anjeunna kaitung gede jasana enggoning bajoang ngamerdekakeun bangsa urang.
Aruji lahir di Garut,5 Mei 1905. Satamatna ti HIS anjeunna nuluykeun ka Mulo (sakola satingkat SMP) di Bandung. Ti dinya jadi guru, sarta nuluy jadi kapala sakola di SD Sarekat Islam di Garut. Ti keur anomna  keneh anjeunna memang aktif dina gerakan kabangsaan, pangpangna di Sarekat Islam anu tuluy jadi PSII (Partai Sarekat Islam Indonesia).
Lantaran aktifitasna di SI, Aruji tuluy diperenahkeun jadi ketua PSII. Awalna mah di Garut, tapi tuluy dijenengkeun jadi ketua PSII di tingkat Jawa Barat. Malah antukna mah jadi Wakil Ketua Lajnah Tanpidjiah PSII di tingkat nasional.
Waktu di Garut, anjeunna kungsi nerbitkeun kalawarta Balatentara islam. Eusina loba ngawartakeun kagiatan jeung gerakan sarekat islam, kaasup ngawartakeun hasil-hasil rapat SI ngarah kabaca ku balarea.
Nincak ka jaman Jepang, Aruji milu latihan di Peta (Pembela Tanah Air) sarta tuluy diangkat jadi Daidancho Peta di Cimahi. Sabada Indonesia merdeka, Aruji diangkat jadi komandan BKR (Badan Keamanan Rakyat) anu tuluy jadi TKR (Tentara Keamanan Rakyat) Divisi 111 Jawa Barat. Nya Divisi anu dikomandanan ku Aruji anu jadi cikal bakal Divisi Siliwangi the.
Waktu diwangun Kabinet Syahrir, Aruji dijenengkeun jadi Mentri Muda Pertahanan. Taun 1948, TNI kudu hijrah ka Jogja akibat ayana perjanjian Revile. Aruji ditunjuk jadi Ketua  Panitia Hijrah TNI, anu kudu minahkeun tentara urang anu aya di daerah-daerah kakawasaan Walanda ka daerah Republik.
Aruji kungsi oge jadi anggota DPR-RIS 9 Republik Indonesia Sarikat). Sabada pemilu 1955, Aruji kapilih jadi anggota DPR-RI minangka wakil ti PSII. Karirna heunteu pareum di dinya, lantaran tuluy jadi anggota DPR-GR, sarta pangahirna diangkat jadi anggota DPA (Dewan Pertimbangan Agung) dina taun 1966-1968.
Aruji kartawinata ngantunkeun tanggal13 Juli 1970 di Jakarta lantaran kasakit radang otak.layonna di makamkeun di Taman Makam Pahlawan Kalibata.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar