Kamis, 30 Juni 2011

Badeng

Badeng the kaseunian buhun anu ayeuna masih aya di Garut. Eta kaseunian the anu lahirna teu bias dipisahkeun tina usaha para ulama  enggoning nyebarkeun Islam, hususna di wewengkon Garut.
Kaseunian Badeng the bibit buitna mah ti Desa Sanding,Malangbong,Garut. Ujaring carita, eta kaseunian the mimiti direka taun 1800an ku Arfaen Nursaen, tokoh agama di Sanding. Badeng the ngagabungkeun seni solawatan jeung tatabeuhan. Apan tujuan diciptakeunna oge keur nyebarkeun ajaran Islam tea.
Ari tatabeuhanna tina awi, teu beda ti angklung. Eta tatabeuhan teh nimbulkeun sora anu ngalageuna tur matak genah didengekeunna. Ku cara kitu, solawatan the jadi leuwih nyerep kana hate jeung dipikaresep ku masarakat.
Awalna kasenian badeng the ngan nyebar dilingkungan santri. Tapi lila-lila mah dipikaresep oge ku masarakat sejenna. Nya ti harita, Seni Badeng mineng midang di lingkungan  masarakat anu lewih lega.
Kadieunakeun seni Badeng henteu ngan ukur ngagunakeun angklung, tapi oge dipasieup ku tatabeuhan (waditra) sejen.Diantara waditra nyaeta: angklung leutik dua, dog-dog bojor lima, jeung angklung gede tujuh (ngawengku angklung indung, angklung kenclung, jeng angklung kecer).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar